can leungit rasa nyerina sesa dijajah baheula ku si jangkung si walana 3 satengah abad lilana, cenah
tuluy katambahan perih dikekesek dirarajet ku si penek nya si jepang 3 satengah taun lilana
teu lila saprak merdeka kanyeri kasambung deui dijajah kunu sabangsa puluhan taun, lilana
tak harap bebas tidinya ayeuna urang sakabeh dijajah diri sorangan dijieun jaradi brudreg dijeun jadi anarkis gampang ngambek jeung ngarusak resep parasea jeung dulur teudihandap, teudiluhur
nu maok hayam dibeleum nu maok motor dibeleum tukang copet, tukang jambret nyawana leungit disabet ari bangsat anu gede adem ayem hare hare wareg dahar tibra sare, diarantepkeun pepede
salah embung ngaku salah ku hukum embung dihukum ucing bangsa pinter nyumput duka nyumputna dimana nu nyumput di belah kaler nu neangan breng ka belah kidul nu nyumput lumpat ka wetan nu neangan breng ka kulon disebut ucing-ucingan ngan da ieumah ucing enyaan. disebut bobodoran da henteu pikaserien
ari bangsat anu gede adem ayem hare hare wareg dahar tibra sare, diarantepkeun pepede salah embung ngaku salah ku hukum embung dihukum ucing garong pinter nyumput duka nyumputna dibelahmana nu nyumput di belah kaler nu neangan bring ka belah kidul nu nyumput lumpat ka wetan nu neangan breng ka kulon disebut ucing-ucingn gan da ieumah ucing enyaan. disebut bobodoran da henteu pikaserien
nu nyumput di belah kaler nu neangan bring ka belah kidul nu nyumput lumpat ka wetan nu neangan breng ka kulon disebut ucing-ucing ngan da ieumah ucing enyaan. disebut bobodoran da henteu pikaserien
0 Komentar untuk "Lirik Lagu Doel Sumbang - Dijajah"